Friday 14 November 2014

DINA WAKTU PERCERAIAN JADI PILIHAN PANUNGTUNGAN



Satiap Pasangan Rumah Tangga Tanggtu Mikahayang Perjalanan Rumahtanggana Mulus Kalawan Lancar.
Bisa Hirup Ayem Tengtrem Kalawan Bagja Sampai Nemahan Pati Babarengan Jeung Pasangana. Tapi Dina
Kanyataanna, Loba Pisan Carita Pipisahan/perceraian Disakuriling Urang Nu Ngajadikeun Hiji Jalma Ngarasa Hirup Hoream Paeh Ge Teu Hayang.
Saacana Netepkeun Perceraian dijadikeun hiji putusan Panungtungan Tangtuna Urang Kudu Usaha Heula Sakuat Tanaga Pikeun Nyingkahan Hal Goreng Eta. Lain Sumerah Ngangkat Leungeun Ngajalankeun Nasib Jeung Takdir Tanpa Dibarengan Usaha. Sanggeus Sagala Usaha Eta Dilakonan Jeung Kanyataana  Pipisahan, Nya Meureun Najan Teu Gampang Urang Urang Kudu Narima Takdir Eta Kalayan Bijak.
Hiji Hal Nu Wajar, Saumpamana Aya Perasaan Resah, Gelisah Jeung Kuciwa Datang Dinu Waktu Ngamimitian Nyandang Status Duda/Randa. Kahariwang Jeung Kaget Mibanda Harepan Nu Teu sapagodos Jeung Kanyataan. Tapi Percumah Pisan Lamun Urang Tigujubar kanu durukan, Sedih Terus2an Kalawan Putus Asa.  Apanan Hirup Teh Kudu Terus Laju/berjalan Jeungna Deui Perceraian Lain Akhir Sagalana. Perceraian Hanteu Ngeureunkeun Hirup Urang, Perceraian Ngan Saukur Batas Akhirna Hubungan Urang Jeung Salahsahiji Jalma, Lain Jeung Kabeh Jalma Komo Deui Batas Hirup Urang....!!!

Aya Sababaraha Lengkah Anu Bisa Ngurangan Beban Penderitaan Jeungrasa Kuciwa Akibat Perceraian Diantarana:
1. Narima Perceraian Anu Geus Jadiputusan Salaku Bagian Dinu Hirup Urang Sacara Biasa Lain Luar Biasa, Ari Sababna Perceraian Bisa Tumiba Kasaha Wae, Teu Aya Batasan Umur Oge Tingkatan Ekonomi Atawana Sosial.
2. Perceraian Lain Salahsahiji Aib Pikeun Salahsahiji Jalma, Tapi Mangrupakeun Takdir Gusti Pikeun Perjalanan Hirup Hiji Jalma. Aya Oge Sabagian Gedena Nganggap Perceraian Nyaeta Solusi Nu Alus Pikeun Kahirupan  Kahareupna.
3. Leungitkeun Pikiran Goreng Jeung Ngarasa Tikusruk Kanu Durukan. Hudangkeun Awak Kalawan Mulai Nganyahokeun Kahebatan Jeung Kalemahan Diri Urang. Kalawan Sadar Nganyahokeun Kahebatan Awak Sorangan, Urang Bakal Leuwih Mampuh Ngembangkeun Jeung Ngabina Diri. Kitu Oge Dina Waktu Urang Nganyahokeun Kakurangan/kalemahan Diri, Mangka Ulah Putus Asa Burukeun Mikir Jeung Nyokot Tindakan Keur Menerkeun Diri.
4.  Saumpamana Wae Nu Jadi Sabab Perceraian Teh Kasalahan Diri Urang Sorangan Mangka Hade Perceraian Bisa Dijadikeun  Salahsahiji Lengkah Pikeun Ngamimitian Ngomean. Ulah Sok Terus-terusan Nyalahkeun Diri Sorongan. Pek Geura Jangji Ngarah Teu Nyokot Tindakan Bodo Deui. Kalawan Teu Ngalakukeun Dua Kali Kasalahan Pikeun Pasualan Anu Sarua. Hal Ieu Bisa Nuntun Urang Supaya Ati-ati Dinu Tindakan Jeung Perbuatan.
5. Saumpamana Perceraian Dilantarankeun Ku Pasangan Urang, Mangka Hade Perceraian Dianggap Hal Anu Paling Alus Pikeun Kabagjaan Urang Kahareup. Untung Pisan Urang Bisa Pipisahan Jeung Salah Sahiji Jalma Mis: Prilakuna Goreng, Resep Salingkuh, Ngomong Kasar, Sok Ngagebug Jst. Hal Ieu Bisa Ngajadikeun Urang Ati-ati  Dina Enggoning Milih Pasangan. Hirup Saumpamana Aya Niat Nikah Deui.
6. Leungitkeun Rasa Putus Asa Jeung Kuciwa Kalawan Sadar Yen Hirup The Rupa2 Corakna Pikeun Tiap2 Jalma 
7. Saumpamana Anjeun Boga Hiji Atawana Sababaraha Budak, Tong Pernah Perceraian Dijadikeun Alat Pikeun Ngaleupaskeun Tanggung Jawab, Sacara Lahir Atawa Batin Ka Darah Daging Urang. Tong Pernah Perceraian Ngajadikeun Panglumpatan Tanggung Jawab Nepi Ka Iraha Bae, Kalayan Kaayaan Kumaha Oge. Anak Teh Tanggung Jawab Dua Kolotna. Lain Tanggung Jawab Salah Sahijina Ti Kadua Kolotna.
8. Panutup, Pikeun Kapastian Hukum, Selesaikeun Masalah Perceraian Sapagodos Jeung Hukum Agama Jeung Hukum Nagara. ( Saumpamana Aya Pihak Katilu Anu Ngahihileudan Atanapi Ngaganggu Dina Ieu Rumah Tangga Langkung Sae  Gusur ,tuman. Gebruskeun Ka Bui Sakalian. Bari Pok Nyarita : “ Montong Ngaganggu Rumah Tangga Batur .. Doraka Sia Teh". mun bisa tambahan tungtungna make kehed..atanapi kalimat naon wae tanda ka ambek hehehe!! baelah arek ngomong naon wae ge ari nyinghareupan jalma anu sok ngaruntagkeun rumah tangga batur mah.) Hahahay.

Tulisan Ieu Mudah2an Bisa Ngajadikeun  Dorongan Sumanget Pikeun Anu Ngarasa Tigebrus Ari Sabab  Gusti Alloh Parantos Ngadawuh “ Di Balik Kasusahan Pasti Aya Kagampangan “ Yakinkeun Eta,  Ari  Sabab Alloh Bakal Nurutkeun Sangkaan Umatna. hahahay ngomong teh siga  nu betul wae uuuy..sorangan ge geuning can bener yeuuuh. hehehe punten..punten..punten suuuuuuuuuuuuuuuuuuun. dawuh timbalan, nyanggakeun sagala kakirangan kanu ngaos ieu artikel. maklum sim kuring mah jalmi biasa nu teu leupas dinu kalepatan. sareng tara tiasa serious deuih hehehe.

No comments: