Wednesday 16 July 2014

NOVEL POLYGAMRENG ( GERAKAN ANTI POLYGAMI ). !!!


Naon Nu kabayang Lamun urang Ngadenge Kalimat Nyandung? Meureun Urang Bakal Ngabayangkeun Tumila Di Adu Boksen , Atawana Film Kartun Tom And Jarry. Atawa Teteh2 Bakal Ngabayangkeun Salakina, Boa2 Maranehna Boga Deui Nu Lian.  Naon Wae Nu Kabayang Kuaranjeun wahai para teteh2, Nu Jelas Nungarana Nyandung Eta Mangrupakeun Hiji Hal Nu Lumrah Mineng Kajadian, Boh Di Kampung , Boh Dikota Sarua Wae Taya Bedana.
Cobi Emut2 Deui, Dikamar Mandi Meureun Aya 2 Atawa 3 Merek Shampoo, Odol, Sikat Gigi Jeung Sabun  Nu Beda2 Merek Dina Waktu Nusarua.  Kukituna Ka Teteh2...pilih Mana : Salaki Kawin Deui Atawa Salingkuh? Atawa Alus Numana: Salaki Kawin Bari Seuseurian Atawa Bari Samutut bareng Jeung Hitut ? Aya Oge, Leuwih Senang Mana : Salaki Gaul Jeung Jalma Nu Jelas Kaciri Atawa Jeung Nu Teujelas?  Teu Jarang Loba Jalma Nu Ngadasarkeun Mamawa Kanu Agama, Lewih Mulia Mana: Narima Parentah Alloh Kalawan Ikhlas Demi Sawarga Atawa Ngalawan Ayat2na Nu Berarti Doraka Jeung Naraka?
Nu Narolak Dicandung Pasti Bakal Malik Nyerang, Pertanyaan2 Eta Dianggap Nempatkeun Kaum Hawa Dipihak Nu Lemah Jeung Serba Parait Jeung Hapeuk matak teugenah kadengena, ari sabab Pinuh Ku Kateuadilan. Sagala Logika Marunculan Euweuh Akhirna. Pro Jeung Kontra !!! Tina Logika Jeung Argumentasi Nu Rasional, Nepi Ka Hoghag Emosional Nepi Kanu Faktual. Nu Akhirna Hompimpah Alaihom Gambreng. Percis Maen Dadu. Spekulasi Bebeakan. Leuwih Mineng Elehna Batan Meunang.  Lamun Aya Nu Meunang Pasti Ngan Sorangan. Berarti Leuwih Loba Nu Elehna Nu Jadi Korban.  Tah Ieu Nudisebut Novel POLYGAMRENG .          
Kasalahan Nusabenerna Nyaeta:  Ibarat Mercury Ngancurkeun Emas Nu Aya Disagigireuna. Nu geus puguh tong ditinggalkeun, ditambahan atawa dikurangan. hirup tong ningali kaluhur, mun bisa leumpang bari peureum, sugan weh katabrak beca...!!!
Mun Bapak2 ditanya, hayang naon atuh aranjeun teh?... jawabna pasti hayang polygamy...!!!
Mun Kuring ditanya, hayang naon ari anjeun?... jawab kuring: " Teu lah teu hayang poligamy. kuring mah hayang Lipsync...laguna Boro2 nyandung...sok geura stel laguna..tinggal klik weh tah diluhur..!!!!!

Dipidangkeun sareng dikarang ku : Kelly Sukmara

No comments: