Tuesday 18 November 2014

CARITA TUKANG BANGUNAN ( Carita Tauladan ).


KAKOCAPKEUN DINA HIJI POE ...
Aya Hiji Jalma Tukang Bangunan Anu Geus Mangtaun-taun  Gawena Ngilu Ka Pemborong. Manehna Boga Maksud/niat Rek Ngajukeun Pangsiun Ari Sabab  Hayang Boga Waktu Anu Loba Pikeun Kulawargana.
Si Pemborong Ngomong : “ Kuring Nyatujuan Kahayang Anjeun Kalayan Syarat Anjeun Kudu Ngabangun Heula Imah Terakhir Sa-acanna Anjeun Pangsiun”
Si Tukang Bangunan Buru-buru  Ngabangun Imah Anu Jadi Syarat Tea. Kusabab Ngudag Syarat Tea, Manehna Ngagawean Asal-asalan Jeung Asal Jadi.
Kacaritakeun Imahna Nu Dibangun Terakhir Tea Geus Beres Di Bangun Ku Maneh. Konci Imah Dipasrahkeun Ku Manehna Ka Si Pemborong.
Si Pemborong Oge Seuri Leutik Bari Pok Ngomong, “ Imah Ieu Taya Kajaba Nyaeta Hadiah Keur Anjeun, Ari Sabab Anjeun Geus Sakitu Lilana  Digawe Jeung Kuring.”
Kusabab Kitu Tukang Bangunan Olohok Pacampur Reuwas, Kalawan Aya Rasa Kaduhung Kunaon Imah Anu Akhirna Arek Di Tempatan Eta Bet Dipigawe Sacara Asal-asalan.


* hartina : 
ibadah nu digawekeun didunia ieu, taya lian nyaeta ‘ imah ’ anu keur dibangun pikeun ditempatan jaga sanggeusna pangsiun tina kahirupan urang didunia. ulah nepikeun jaga aya rasa kaduhung nyicingan imah butut nu dibangun ku urang asal2an.
mangka eta salawas urang kudu akur jeung dulur, nyaah kabatur. ulah aya rasa yeuh aing uyah kidul da uyah mah dimana-mana ge sarua weh asin hehehe. anu alus mah tebarkeun salam, lobakeun seuri tapi omat ulah sampe sok seuri sorangan bilih disangki orgil alias gokil hahay...
mangga atuh ayeuna mah anu jauh urang deukeutkeun, anu deukeut urang cinekeun. anu euweuh mah keun weh tong dibawaan sina ngahuleng weh sorangan.hahay... sok goreng tungtuna uuuuuuy. mimitina mah alus dongeng teh tapi kadieuna bet jadi ngaco kieu yeuh...tapi baelah ngaco ge da anu ngetik mah uing, anda mah tinggal duduk sambil maca.
tos ah sakieu heula nya capeee geuning ngetik teh...!!!

(Terjemah dan Faedah oleh: Ustadz Abu Umar Abdillah)
(di bahasa sundakeun ku : kelly sukmara )

No comments: