Wednesday 16 July 2014

AJARKEUN SOPAN SANTUN KA MURANGKALIH TI ALIT KENEH


Tiap2 Sepuh Tangtosna Hoyong Ningal Murangkalihna Ngagaduhan Prilaku Nu Sopan Santun. Prilaku Sopan Murangkalih Salahsawios Gambaran Sepuhna. Tapi Hal Sarupi Ieu Kadang Kanggo Nu Janten Sepuh Sesah Nerapkeuna Ka Murangkalih. Sopan Santun Oge Ngarefleksikeun Kapribadian Nu Pinuh Ku Kacinta , Sae Kadulur  akur sareng nu sanesna.
Memang Kadang2 Dina Ngajarkeun Sikep Sopan Santun, Urang Salaku Nujanten Sepuh Kadang Enggal  Ambek , Naek Darah Saupamina Nu Janten Murangkalih  Milampah Sikep Nu Teu Sopan Kalayan Hoyong Ngajarkeun Nganggo Proses Nu Enggal.Padahal Kanggo Ngajarkeun Sikep Sopan Santun Meryogikeun Waktos Nu Rada Lami Supados Murangkalih Janten Ngartos Kunaon Kedah Milampah Sikep Sopan Santun.
Tips Dihandap Ieu Tiasa Janten Solusi Kanggo Bapak2 Atanapi Ibu2 Kanggo Ngajarkeun Sopan Santun Ka Putra Putrina:

1. Ajarkeun Ti Alit Keneh
 Ngajarkeun Sopan Santun Dikawitan Tina Kumaha Nu Janten Sepuh Memperlakukeun Murangkalih Ti Danget Lahir, Ajarkeun Murangkalih Rasa Hormat Ka jalmi nu Sanes Ti Alit Keneh Kumargi Ari Kasopanan Mangrupikeun Salah Sawios Skill, Saupamina Skill Parantos Ngabentuk Biasana Rada Sesah Kanggo Ngicalkeuna,  Samalih Para Ahli Nyebatkeun Yen Sopan Eta Teh Lir Ibarat Program Dasar Salah Sawios System, Janten Naon Bae Nu Bade Dilampahkeun Ku Murangkalih Engkena Bakal Patali Sareng Kasopanan. Kukituna Murangkalih Moal Janten Murangkalih Nu Pikasebeleun Batur. Saur Pribahasa Sunda Tea Mah : Teng Manuk Teng Anak Merak Kukuncungan, Saur Urang Indonesia Umumna Mah : Air Pancuran Jatuh Tak Akan Kemana Pasti  Kepelimbahannya Juga. Tah Kukituna Pami Murangkalih Urang Teu Mibanda Sikep Sopan Santun Naha Saha Nu Isin? Tangtosna Urang2 Keneh Saluku Sepuhna, Kaciwit Kulit Kabawa Daging. ( Tulangna Mah Pasihkeun Weh Ka Ucing).

2. Ajarkeun Kata2 Nusarae Tikawitan Yuswa 2 Taun.
Ajarkeun Balita Yuswa 2 Taun Supados Ngucapkeun “ Nyuhunkeun Tulung “ Sareng “ Hatur Nuhun “ . Sok Sanaos Murangkalih Teu Ngartos Pisan Hartos Kata2 Eta, Balita Bakal Ngahartoskeun Kata “ Nyuhunkeun Tulung “ Nu Mangrupikeun Kalimat Tepat Kanggo Ngemutkeun Naon2 Nu Dipihoyongna, Kitu Deui, Kata “ Hatur Nuhun “ Eta Cara Panutup Interaksi Nu Sae. Tanamkeun Eta Kanggo Kabiasaan SarengJanten Kosa Kata Nu Sae Kanggo Murangkalih.Hal Ieu Ngawujud Saupamina  Sepuh Milampah Hal Nusami, Yuswa 2 Taun Dimana  Murangkalih Biasana Ngawitan Ngucapkeun Kata.  Penting Pisan Kanggo Murangkalih Kanggo Ngucapkeun Kata2 Nu Sopan. Kawitan Murangkalih Yuswa 2 Taun Dugi 4 Taun, Murangkalih Sering Ngulang Naon Wae Nu Kadangu.  Murangkalih Tiasa Belajar Tinu Naon rupi Anu Didanguna Sareng Ditingalna Ti Jalmi2 Dewasa. Bantos Murangkalih  Nangkep Kesan Sareng Situasi Cariosan Nu Sopan. Pami Saur Agym Tea Mah Ajarkeun 3S = Sapa, Salam, Santun. Ulah Sampe Ningal Batur Teh Jiga Ningal Musuh ...Cu-x , No Problem , Tak Ada Urusan. Aku so tak kenal dikau. dll.

3. Ajarkeun  Nyauran Nami
Biasakeun Murangkalih Misaur Nami Nalika Interaksi. Tangtosna  Nganggo Cara Nu Ceria , Pinuh Kanyaah, .murangkalih Ge Tangtosna Bakal Diajar Sopan Santun Kalayan  Bari Nyebatkeun Namina, Misal, “ Ayah, Kenging Ade...” Atawana "Bu ,  Naha Ibu Ngijinkeun Ade..”.Sok Sanaos Sasakali Murangkalih Sok  Sakedik Rada Maksa, Nujanten Sepuh Tangtos Sok Langkung Kapi asem Pami Ngango Kata2 Sopan ( Aya Rasa Bangga Kunyalirana ).

4.teu Kenging Di Paksa Sopan Santun
Bahasa Nyaeta Kamampuhan Nu Sakedahna Ngalir, Sanes Dipaksakeun. Kenging Wae Para Wargi Unjuk Murangkalih Nyarioskeun“ Nyuhunkeun Tulung “ Atawana “ Hatur Huhun “. Di Ulang-ulang  Miunjuk Murangkalih Supados Ngucapkeun “ Kata Ajaib “ Kanggo Bahan Syarat Masihan Naon Wae, Tapi Tiasa Oge Ngajantenkeun Murangkalih Ngarasos Bosen Nganggo Kata2 Sopan Sa Teuacan Murangkalih Ngartos. Saupamina Para Wargi  Hoyong Miunjuk Murangkalih  Supados Ngucapkeun “ Nyuhunkeun Tulung”, Saena Ucapkeun Nganggo Cara Nu Sae Sareng Pastikeun Murangkalih Ngadangu Kalimat Nu Di Ucapkeun Ku Parawargi . Kabiasaan Ieu Bakal Langkung Enggal Ditangkepna Saupamina Para wargi Masihan Conto Kalayan Ngaggo Kalimat2 Nu Sarae, Raos Didanguna Sabari  Imut Katingal Dina Raray Ibu Atanapi Bapak.

5.koreksi Kalayan Sopan
Dina Waktos Murangkalih Ngadamel Kalepatan, Jaga Intonasi Sareng Suanten Tetep Kakontrol. Tetep Upayakeun Kontak Soca Sareng Panangan Bari Ngaleng Dinu Taktakna Sabari Nganasehatan.  Cara Kieu Ngarefleksikeun Yen Sepuh Kacida Merhatoskeunana. Sareng Sanes Lantaran Bendu.

6. Tong Di Antep Saupamina Murangkalih Teu Sopan
Sababaraha hal Tata Krama Sareng Sopan Santun,  Kersa  Teu Kersa Kedah Dilakukeun Ku Murangkalih Para Wargi. Sapertosna Teu Kenging Tuang bari cingogo ( jiga ajag ) Atawana Jejeritan Di Tempat Umum. Teu Kenging Di Antep Saupamina Murangkalih Ngemutkeun Yen Hal2  Kasebat Kenging Dilakukeun. Ajarkeun Kamurangkalih Yen Hal2 Sapertos  Ngahaturkeun Nuhun, Kasopanan, Ngantos Giliran, Sareng Naros Jalmi Nu Sanes Eta Hal Nu Kedah Dilakukeun. Pasihan Pangartos Yen Hak Sareng Kawajiban Saling Berhubungan. Saupamina Hoyong Hak Berarti Kedah Nyumponan Kawajiban.

7.kasopanan Nu Di Uningakeun Kamurangkalih Bakal Nunjukeun Pisakumahaeun Berhargana Murangkalih Di Payuneun Sepuh. Sareng Sepuh Hoyong  Murangkalih Belajar Tinu Rupi2 Hal  Kalepatan Oge Teu Weleh Ngadangukeun Nasehat Nujanten Sepuh.  Jaga, Murangkalih Ge Bakal Janten Jalmi Dewasa Nu Tiasa Ngahormat Sareng Ngahargaan Jalmi Nusanesna. Supados Teu Janten Jalmi Dewasa Nu Pikasebeleun Batur. Kukituna Sateuacanna Ngajarkeun Sopan Santun, Urang Salaku Nujanten Sepuh Kedah Mibanda Sifat Sopan Kadiri Urang Nyalira, Ari Margi Murangkalih Sacara Teu Langsung Bakal Miconto Naon Rupi Nu Katingal sareng kadanguna.

Dipidangkeun sareng di alih bahasakeun kanu bahasa sunda ku: kelly sukmara

NOVEL POLYGAMRENG ( GERAKAN ANTI POLYGAMI ). !!!


Naon Nu kabayang Lamun urang Ngadenge Kalimat Nyandung? Meureun Urang Bakal Ngabayangkeun Tumila Di Adu Boksen , Atawana Film Kartun Tom And Jarry. Atawa Teteh2 Bakal Ngabayangkeun Salakina, Boa2 Maranehna Boga Deui Nu Lian.  Naon Wae Nu Kabayang Kuaranjeun wahai para teteh2, Nu Jelas Nungarana Nyandung Eta Mangrupakeun Hiji Hal Nu Lumrah Mineng Kajadian, Boh Di Kampung , Boh Dikota Sarua Wae Taya Bedana.
Cobi Emut2 Deui, Dikamar Mandi Meureun Aya 2 Atawa 3 Merek Shampoo, Odol, Sikat Gigi Jeung Sabun  Nu Beda2 Merek Dina Waktu Nusarua.  Kukituna Ka Teteh2...pilih Mana : Salaki Kawin Deui Atawa Salingkuh? Atawa Alus Numana: Salaki Kawin Bari Seuseurian Atawa Bari Samutut bareng Jeung Hitut ? Aya Oge, Leuwih Senang Mana : Salaki Gaul Jeung Jalma Nu Jelas Kaciri Atawa Jeung Nu Teujelas?  Teu Jarang Loba Jalma Nu Ngadasarkeun Mamawa Kanu Agama, Lewih Mulia Mana: Narima Parentah Alloh Kalawan Ikhlas Demi Sawarga Atawa Ngalawan Ayat2na Nu Berarti Doraka Jeung Naraka?
Nu Narolak Dicandung Pasti Bakal Malik Nyerang, Pertanyaan2 Eta Dianggap Nempatkeun Kaum Hawa Dipihak Nu Lemah Jeung Serba Parait Jeung Hapeuk matak teugenah kadengena, ari sabab Pinuh Ku Kateuadilan. Sagala Logika Marunculan Euweuh Akhirna. Pro Jeung Kontra !!! Tina Logika Jeung Argumentasi Nu Rasional, Nepi Ka Hoghag Emosional Nepi Kanu Faktual. Nu Akhirna Hompimpah Alaihom Gambreng. Percis Maen Dadu. Spekulasi Bebeakan. Leuwih Mineng Elehna Batan Meunang.  Lamun Aya Nu Meunang Pasti Ngan Sorangan. Berarti Leuwih Loba Nu Elehna Nu Jadi Korban.  Tah Ieu Nudisebut Novel POLYGAMRENG .          
Kasalahan Nusabenerna Nyaeta:  Ibarat Mercury Ngancurkeun Emas Nu Aya Disagigireuna. Nu geus puguh tong ditinggalkeun, ditambahan atawa dikurangan. hirup tong ningali kaluhur, mun bisa leumpang bari peureum, sugan weh katabrak beca...!!!
Mun Bapak2 ditanya, hayang naon atuh aranjeun teh?... jawabna pasti hayang polygamy...!!!
Mun Kuring ditanya, hayang naon ari anjeun?... jawab kuring: " Teu lah teu hayang poligamy. kuring mah hayang Lipsync...laguna Boro2 nyandung...sok geura stel laguna..tinggal klik weh tah diluhur..!!!!!

Dipidangkeun sareng dikarang ku : Kelly Sukmara

Monday 14 July 2014

WISATA KEBON KINA BUKIT TUNGGUL




SAKILAS SOBAT  BEUSI, TAH ETA PHOTONA NU DILUHUR :
( soal wisata kebon kina ke dibahas di handap..!!! )
Motor Butut Sobat Satia, Moal Tega Ngajualna , Batur Ocon Geusan Nganteur Kahayang Kamana Bae Kuring Hayang Inditna Sok Dapon Tara Nolak  Mun Di Ajak ..soksanajan Bari Jeung Rempo, Tapi Tara Mopo..Pantang Menyerah , Tara Adigung Uyah Kidul Sok Sanajan Awakna Beusi Tetep Tunduk Patuh kana hukumna Alloh Ta'ala sangkan satia satuhu Geusan Maturan Hirup Huripna Kuring Nusakieu Bageurna. Duh..motor Hampura Kuring Bisi Kuring Kurang Welas Asihna,Bisi Telat Ngolianna..bejaan batur...eh..kuring maksad teh... Kuring Hamo Pasti Bela Nyinghareupan sobat  nu kawas Anjeun, nu Sakitu Satiana Jeung belana. Sabab Antara Anjeun Jeung Kuring Geus Nyimpen Rasa , Rasa Silih Asah Silih Asuh Geusan Ngahontalkeun Cita2.  Cita2 naon?...cita2 ngaladog, cul dod-dog tinggal ngigel.   Sobat beusi..Prak jalan..kebat lumpat , teteg pancek kanu tujuan, tigin yakin kanu diri , yakin bakal tepi ka WISATA KEBON KINA...!!!   SOK SANAJAN INDIT KOSONG BEUTEUNG  kentel peujit  Teu bari baranghakan dijalan da bulan Puasa, Teu deuih mekel duit sapeser goeng oge , Sumpah, suer..bensin ge paspasan , Tapi nu penting niat seja neang kaEnjoyan nu dipirido, dipirido kusaha? dipirido ku pun bojo. Alhamdulillah nepi euy.......enjoooooooooooooooy maaaaaaaan..!!! engke syawal urang kadinya deui no.......!!!!

SAKILAS SOBAT  PAPADA KULA:
Tah Pami Ieu Sobat Keneh..asli Turunan Jawa Tapi Teu Bisaeun Bahasa Jawa Nanging Sok Sanaos Kitu Teu Aya Beda Bageurna Lamun Dibandingkeun Jeung  Sobat Beusi Motor Nu Abdi, Meureun Sarua Pamikirana Pada2 Boga Rasa, Meureun Lamun Tarsono Mah Boga Rasa Kamanusaan Tapi Ari Motor Mah..nya Ngarana Ge Motor Meureun Boga Rasa Prikamotoran,  Nu Mibanda Rasa Kanyaah Kujalan Ngakod Nganteur Kamana Wae Kuring Hayangna. Ari Tarsono Mah Bageurna Teh Rajeun sok tulung tinulungan jeung babaturan  tara seu'eur saur bahe carek estu resep silih salametkeun jeung  babaturan,  silih asah silih asuh jeung tara gaduh musuh,  Tah nu kieu nu pantes disebat keun, sapinter-pinterna jalami nyaeta jalmi nu silih salametkeun jeung papada baturna di dunia rawuh akherat. Sabalikna, mangka cilaka jalma2 nu teu khusyu/balangah dina sholatna, nyaeta jalma2 nu resep silih cilakakeun, boh ku omongan atawana ku perbuatan. Hatur Nuhun No..kana Sagala Kasaeana..mugi Sagala Kasaeana Sing Di Bales Ku Alloh Ta'ala. Amin. jembar pangestu ka rerencangan nu balageur mugi sing dilapangkeun pintu rizkina, sehat sareng panjang yuswana.amin deui 3x

TAH AYEUNA GEUS NEPI DI BUKIT TUNGGUL URANG CARITAKEUN..!!! URANG NGADONGENG..!!!
Kebon Wisata Bukit Tunggul Ngembangkeun Salah sahiji Obyek Agrowisata Terpadu Dikawasan 
Bandung Kaler, Alternatif Sasaruana Jeung Wisata Alam Kalayan Ngandung Unsur Pendidikan
Pikeun Masyarakat  Kalayan Saluyu jeung Topik Wisata Pendidikan Di Bandung Khususna, Jawa Barat
Umumna. Rupa2 Kagiatan Samisal Olah Raga, Petualangan Atawana Tantangan, Jeung Obyek Wisata Pendidikan Bisa Kapanggih Dilokasi Wisata Kebon Kina Bukit Tunggul.
Obyek Wisata Kalawan Pasilitas Nu Disadiakeun Cukup Kumplit Jeung Nyaman Keur Dinikmati
Atawana Dirarasakeun, Diantarana : Wisata Kebon Kina Geus Nawarkeun Salahsahiji Nu Anyar
Kalawan Beda Jeung Lokasi Wisata Nu Lianna, Kalawan Nanjeurkeun Tema Wisata Pendidikan 
Kalawan Kondisi Geografis Alam Nu Loba Pisan Bukit Atawana Lamping Tangtuna Mibanda Panenjoan
Alam Atawana Panorama Anu Kacida Endahna Pikeun Disawang Ku Mata Lahir Atawana Mata Batin
( Alam Pikiran).
Alam Pagunungan Kalayan Kaluhuran Antara 1200-1500 Dpl, Mibanda Udara Nu Seger Bawana Alam.
Kebon Bukit Tunggul Soranganna Oge Nu Lokasina Dikurilingan Ku 4 Gunung Disakabeh Juru Mata
 Angin Nyaeta: G. Bukit Tunggul, G. Manglayang, G. Palasari Jeung G. Pangparang.

Wisata Kebon Kina Bukit Tunggul Ayana Dikalereun Kota Bandung Nukacida Tirisna jiga di kutub utara, ngan teu aya weh ari urang eskimo mah. Mun Seug Aranjeun
Aya Niat Rek Ngajugjug Ka Ieu Tempat Aya Dua Jalur Nu Bisa Ditempuh. Jalur Kahiji Bisa Ngaliwatan Lembang
Terus Ka Arah Maribaya , Cibodas Terus Lempeng/lurus Ngaliwatan Jalan Nanjak Ngajugjug Pakebonan Kina
Bukit Tunggul.
Jalur Kadua, Bisa Ngaliwatan Ujung Berung Ti Arah Terminal Cicaheum Bisa Ngaliwatan Pertigaan Masjid 
Agung Ujung Berung Ka Arah Kenca Naek Terus Kaluhur. Tapi Sok Sanajan Kitu Keur Jalur Ujung Berung 
 Sim Kuring Teu Nganjurkeun Ari Margi Tanjakana Rada Palaur Sok Komo Mun Make Mobil Sigana Mah
 Bakal Karagok Pisan, tong boroning mobil dalah cakcak ge tiasa tisoledat .Kecuali Make Motor Moal Aya Masalah.atawana jalan kaki, kade ulah jalan tangan alias jalan make tangan. mun kersa sakantenan jalan kepala, maksadna naek motor baru jujuralitan..keun ieuh da nganggo helm.hehehe. 

CURUG BATU SANGKUR
SITU SANGKURIANG
PANUTUP :
Hatur punten bilih aya kakirangan dinu cara Midangkeunna, bilih kasebat kasebit nami nuju alit, kasebat asma nuju dewasa. kasebrot bujur nuju cingogo Kade bilih kahitutan, mugi jembar panghampurana ari margi simkuring mah jalmi biasa, sanes penulis sanes wartawan pirakadar nulis ngan saukur ngocoblak saparan-paran tamba sare pasosore daripada kasurupan mening weh tulas-tulis sugan weh aya manfaatna keur aranjeun atawana anak incu kaula jaga. mung sakitu dongeng comel ti kaula,  comel ge comel hade mugi dipirido ku Alloh ta'ala., niat ngabeberkeun endahna tanah sunda. bilih seu'eur catur tanpa bukur, bilih loba carita tanpa makna.bilih kasibat janten jurig. cag dicekapkeun heula dugi kadieu.

Teundeun Di Handeuleum Sieum, Tunda Di Hanjuang Siang, Paragi Neundeun Sampeur Deui Dina Waktos 
Sareng Kasempetan Nu Sanes. Hatur Nuhun.PERMIOOOOOOOOOOOOOOOOS.

Dipidangkeun sareng dikarang sakucumplang sakacampleng ku : Kelly Sukmara