Friday 20 June 2014

MABOK DUIT


CEUK SIKABAYAN BARI HEUAY..!!!
BE POSITIVE, BE SUCCESSFULL..!!!                                                                                               Dina Hiji Poe Sikabayan Keur Ngadaweung Jeung Babaturanna Nu Nelah Ardasim. sawatara jongjongan mah duanana ting haruleng jiga nu bararingung, sabot kitu celetuk sikabayan ngomong ka ardasim.
KABAYAN: ” sim..naon anu keur dipikiran kunyaneh..??”
ARDASIM:   “ nyeta keur bingung kang...teu boga duit puguh “.
KABAYAN; “sarua atuh sim ari masalah duit mah..tapi tong dipake susah teu kudu dipikiran matak                                  gering pikir.heug weh modar!!! “
ARDASIM:  “ngeunah ngomong mah puguh ge kang , ngajalankeunna susah.”
KABAYAN: “ tong sok ngomong kitu sim..!! make jeung ngomong mah ngeunah ngajalankeuna susah,                              sabab eta teh sarua jeung mamerkeun kalemahan mental, gorengna kahirupan jeung kuatna                            pesimisme maneh sebagai orang indonesia .omat montong ngerakeun nagara...!!  lamun sulit,                          upayakeun. mun batur bisa maenya urang teu bisa? sok sing bener2..gunakeun naon wae nu                          geus  dipiboga  kudidinya lakukeun ti ayeuna. mun anjeun bener-bener pasti  meunang .
ARDASIM: nyeta matak ngahuleng ge teu boga geusan ngeprakeunana kang, ari lain sikukut mah                                    yeuh..manuk toed nu sok rajeun ngencar tipeuting..hehehe ( tembal ardasim bari seuri leutik).
 KABAYAN : be positive, be successful..!!! Tapi bener oge sim euy..ngomong mah gampang, pelaksanaan                         mah sarua weh euy...urang ge jetjret= nya pejet, nya menjrel.asa dina dongeng , jiga dinu lagu                        , jiga laguna lipsyncna kang yayan jeung kang kelly,. judul laguna teh mabok duit lagu aslina                           surya kelana!!!...tah ieu laguna , urang lalajoan geura:


No comments: