Tuesday 18 November 2014

MOAL AYA ANU LAHIR SAMPURNA


TEU AYA KAENDAHAN TANPA  QANA’AH

Boga Waktu Luang Jeung Tanaga,
Tapi Acan Mibanda Harta
Tah Eta Teh  Waktuna Keur Ngora

Boga Kakuatan Jeung Harta
Tapi Teu  Mibanda Waktu Gumbira
Nya Siga Kitu Waktuna urang keur Digawe

Aya Waktu Luang Jeung Harta,
Tapi Teu Mibanda Deui Kakuatan Jeung Tanaga
Tah Eta Waktuna Umur Maju Kakolot

Nya Siga Kitu Pisan Kahirupan Di Dunia,
Dina Waktuna Hiji Kaleuwihan Di Pibanda,
Salah Sahijina Ngaleungit Ti Dirina.

Samentara Urang Ngira,
Kahirupan Jalma Anu Lian Leuwih Bahagia
Padahal Jalma Anu Lian Sarua Nyangka,
Hirup Urang Leuwih Reugreug

* Hartina :
Eta sababna Urang Kaleungitan Salahsahiji Anu Paling Berharga Di Alam Dunia Ieu: Sifat Qana’ah, Narima
Kanyataan Anu Aya.

(ustadz Abu Umar Abdillah)
(Disundakeun Ku : Kelly Sukmara )

Hadeuuuh jiga anu enya deui wae yeuuuh ngauploadan carita bijak...hahay...tapi wioslah jiga anu nya ge, sugan weh kahareup mah jadi nya , teu mung saukur ngauploadan  carita bijak ungkul tapi mudah2an bisa bari jeung prakna janten jalmi anu bijak. bijak kadulur, bijak kabatur, jeung bijak bisa ngahampura kasaha bae anu geus nyieun codeka atawana nganyenyeri kadiri urang. hehehe  mantaaaaaaaaaaap welah...!!! pokokna mah kudu bijak welah..kudu asak hampura intina mah...!!! jeung kudu loba seuri..baelah disebut jiga nu gelo ge balas ku loba seuri .. hahahay..!!!
NU PENTING MAH ...JANGAN MENYERAH ..JANGAN MENYERAH..JANGAN MENYERAH !!!

 

No comments: