Monday 17 November 2014

CARITA TAULADAN : HADIAH KEUR TUKANG HASUT

KACARITAKEUN DINA HIJI POE ..!!!


JALMA SHOLEH : “Lakukeun Kahadean Ka Jalma2 Nu Hade Budina, Sabab Jalma Anu Milampah  Kajahatan Bakal Cilaka Ku Kajahatana Sorangan,” Kitu Unina Pesen Atawana Omongan Jalma Sholeh Ka Raja. Tapi Teu Kuhanteu Karek ge jung Si Jalma Sholeh Ninggalkeun Raja, Datang Tukang Ngahasut ( Jalma Dengki ) Nyarita Ka Raja.
TUKANG NGAHASUT  : “ Pangersa Raja , Hatur Punten Manawi Terang Naon Anu Dicarioskeun Ku Jalmi Anu Nembe ?”
RAJA  : “ Nyaho, Nasehat Supaya Kuring Nyieun Kahadean Sarta Pepeling Yen Jalma Anu Milampah  Kajahatan Bakal Cilaka Ku Kajahatana Sorangan,” Jawab Raja.
TUKANG NGAHASUT  : “ Anjeuna  Tadi Nyarios Kitu Ka Payuneun Pangersa Raja. Ka Simkuring Anjeuna Ngaharewos, Baham Pangersa Raja Bau Jigong saurna. Pami Teu Percanten Cobi Calik Dicaket Anjeuna, Anjeuna Pasti Nutupan Pangambungna,”  Ceuk Tukang Hasut. Raja Oge Mimiti Kapangaruhan Ku Hasutanna. Dina Hiji Poe Raja Ngondang Si Jalma Sholeh Datang Ka Istana.
RAJA    : “ Mangga Calik Caket Simkuring,” Ceuk Raja. Dina Waktu Ngadeukeutan, Si Jalma Sholeh Eta Teh Bener -bener Nutup Baham Jeung Irungna.
RAJA    : “ Bener Oge Nu Diomongkeun Tukang Hasut. Jalma Ieu Ngahina Aing,” Kitu Gerentesna Hate Raja.
Teu Antaparah Raja Tuluy  Nyokot Salembar Kertas Kalayan Nulis Ku Sorangan. Sanggeusna Ngasupkeun Kajero Amplop Kalayan Dirapet, Raja Marentahkeun Ka Si Jalma Sholeh,
RAJA   : “ Bawa Surat Ieu Ka Amil Kuring.”
JALMA SHOLEH   : “ Mangga Pangersa Raja “ Jawabna Bari Kebat Ninggalkeun Istana.
Acan Ge Acan Surat Ditepikeun Ka Amil, Tukang Hasut Nyegatan Dijalan.
TUKANG NGAHASUT   : “ Eta Naon Anu Dibawa Kuanjeun ?”
JALMA SHOLEH   : “ Surat Nu Diserat Ku Pangersa Raja Kuanjeun,” Tembalna.
TUKANG NGAHASUT   :  “ Keur Saha ?”
JALMA SHOLEH   : “ Supados Didugikeun Ka Amil,” Tembalna Deui.
TUKANG NGAHASUT  : Keun Weh Ku Kuring Dibikeunna,” Ceuk Tukang Hasut Satengah Maksa Menta Surat Eta. Teu Loba Deui Omong, Surat Eta
Ge Dibikeun. Kalayan Rasa Gumbira, Tukang Hasut Nyerahkeun Sorangan Eta Surat Ka Amil, Sabab Biasana Surat Nu Ditulis Kuraja
Sorangan Mah Eusina Sok Hadiah Atawana Keresek Hideung Anu Berharga. Eta Pisan Nudimaksud Ku Tukang Hasut.
Kalayan Tenang Surat Eta Tuluy Dibuka Ku Amil, Tapi Ujug2 Gorowok Amil Ngagorowok.
AMIL    : “ Buka Baju Anjeun”. Parentah Amil.
TUKANG NGAHASUT : Aduuuuh, Kuring Rek Dikumahakeun?” Ceuk Tukang Hasut.
AMIL   :  “ Dina Surat Ieu Raja Marentahkeun Kakuring Pikeun Ngahukuman Nu Mawa Surat Ieu Kalayan Dipecut 15x Kanu Tonggongna.
Saterusna Kuring Diparentah Mawa Bajuna Ka Hareupeun Pangersa Raja Nu Pinuh Ku Getih Pikeun Bukti “ Jawabna.
TUKANG NGAHASUT  :  “tapi Da Nu Sabenerna Surat Eta Lain Kuring Nu Kudu Nyerahkeunna”. Tembal Tukang Hasut Ngabela Diri. Manehna Baruntak
Rek Di Pecutan.
AMIL       : “ Geuslah Tong Ngabantah, Parentah Pangersa Raja Kudu Dilaksanakeun.” Teu Antaparah Deui Tonggong Tukang Hasut Eta Di Pecutan 15x Nepikeun Ka Kapiuhan.
Dina Hiji Poe Si Jalma Sholeh Datang Ngadep/ Nyinghareup Ka Raja, Raja Jadi Heran. Naha Masih Katingali Jagjag.
RAJA   : “ Geus Dilakonan Parentah Kami ?”
JALMA SHOLEH   : “ Parantos, Tapi Ditengah Jalan Surat Eta  Disuhunkeun Ku Hiji Jalmi. Nya Ku Jisim Abdi Dipasihkeun,”  Jawab Si Jalma Sholeh.
RAJA    :  Kunaon Waktu Nyarita Hareupeun Kuring Baheula, Anjeun Nutup Baham Jeung Irung?”.
JALMA SHOLEH : “ Waktos Eta Sim Abdi Nembe Di Ulem  Tuang Di Bumi Jalmi Eta Kalayan Katuangan Anu Mang Rupi2 Babauan, Diantawisna : Goreng Jengkol Sareng Beuleum Peuteuy Kumplit Sareng Sambelna. Supados Bau Baham Sim Abdi Teu Ka Ambung Ku Pangersa Raja, Margi Eta Ku Abdi Di Tutup,” Jawabna.
RAJA  : Jadi Lain Lantaran Anjeun Nganggap Bau  Baham Kuring Nya?”
JALMA SHOLEH : “ Sama Sakali teu pisan-pisan Pangersa Raja”.
RAJA   : “ Bener Oge  Nasehat Anjeun Baheula. Jalma Nu Ngabogaan Hate Jahat Kalayan Tukang Ngahasut Bakal  Cilaka Ku Polahna Sorangan,” Ceuk Raja.

Sumber :
Dicatut tina Buku : Mengenal Akidah Dan Akhlak, untuk kelas 6 Madrasah Ibtidaiyah
Penerbit : PT PUTRATAMA BINTANG TIMUR, Surabaya
Percetakan : PT Tiga serangkai pustaka mandiri

Di Bahasa Sundakeun Ku: Kelly Sukmara. ( Hatur Punten Pami Bahasa Sundana Kirang Merenah, Maklum Simkuring Mah Sanes Ahli Bahasa, Sanes Penulis Mung Sakadar Tukang Heureuy Sareng Tuturut Munding. Tapi Leuheung Keneh Tuturut Munding Mah, Daripada Tuturut Monyet..kumaha Keh Mun Aya Nu Nyebut Si Monyet Hahahay ). Tah ieu kaleresan aya lagu anu judulna tuturut munding, di lagukeun ku kang doel sumbang .wilujeng ngadangukeun..!!!


No comments: