Thursday 26 June 2014

SAJATINING KATRESNA ALAM CONSERVATIF

Pecinta Alam Konservatif Nu Saestuna Dibutuhkeun Ku Alam Dunya Ieu.  Loba Pisan Pecinta Alam Atawana Nu Ngaku2 Pecinta Alam, Tapi Ngan Saukur Lambang Jeung Jeketna Hungkul. Mineng Pisan Urang Ningali Para Pendaki Gunung, Para Pecinta Alam Saribuk Nyiapkeun Perjalananna. Di Tengah Jalan Dibarengan Kutiupan Angin Jeung Sora Dangdaunan, Maranehna Laju Ngalengkah, Bari Nyebut2 Yen Maranehna Teh Pecinta Alam Nu Aya Di Tengah2 Alam. Eta Nukalolobaan Katingali Ku Urang Dijaman Kiwari Atawana Meureun Geus Aya Tibaheulana. Tapi Diantara Kalolobaanna, Rea Oge Nu Teu nyaho
Atawana Poho Kanu Kode Etik Pecinta Alam. Kode Etik Pecinta Alam Nu Dijieun Memang Keur Nuresep Kanu Kagiatan Alam Bebas Ngarah Leuwih Ikhlas Jadi Pecinta Alam  Saestuna. Aya Oge Nu Ngajadikeun Model Pecinta Alam Conservatif Sok Sanajan  Jumlahna Ngan Sukur Sepersekian Persen Tinu Jumlah Rebuan Pecinta Alam Di Indonesia. Jeung Nu Matak Sedih, Pecinta Alam Conservatif Ngan Saukur  Nyaho Melak Tatangkalan Di Sukugunung, Ngabersihan Gunung Tuluy Turun Jeung Beberesih Beak Perkara. Melak Tatangkalan Memang Gampang, Tapi Ngarawat Kalayan Make Aturan Waktu Nu Berkala Naha Eta Bisa Disebut Gampang? Padahal Eta Pisan Nudibutuhkeun Ku Alam. Mun Boga Pedoman Kanu Melak Tatangkalan  Eta  Cukup Jeung Geus Ngarasa  Ngalakukeun Hiji Pagawean Salaku Pecinta Alam Conservatif, Eta Masih Jauh Tina Kasampurnaan Jeung Jauh Tina Gelarna, Pecinta Alam Conservatif Sajati. Meureun Eta Mah Bisa Disebutkeun Tuturut Munding Atawana Ukur Kababawa Ngiluan Jadi Pecinta Alam
Konservatif.

Lamun Wae Urang Nyoreang Alam Katukang Saestuna Sajarah Manusa Deukeut Pisan Jeung Alam. Nalika Jaman Sajarah Dimana  Manusa Masih Resep Moro Jeung Ngumpulkeun Kahakanan ( Ngaramu/ngaracik), Alam Teh Ngajadikeun Tempat Cicing Maranehna, Tempat Maranehna Ngagantungkeun Hirup. Gunung2 Nungajalajar Tempat Manehna Cicing, Leuweung, Tegalan Jukut Mangrupakeun  Tempat Maranehna Sasarean, Walungan Tempat Panglumpatan Geusan Ngaleungitkeun Rasa Haus, Jeung Guha2 Tempat Maranehna  Nyalindung Tinu Panasna  Matahari Jeung  Embrasna Cihujan.


Tapi Sa Anggeusna Manusa Manggihan Kabudayaan Jeung Teknologi, Alam Robah Jadi Siga  Barang Aneh Jeung Di Eksplorasi. Manusa Mulai Nyieun Wawangunan, Gedong2 Tingkat Nu Agreng Keur Ngangkat Ajen Diri Ngarah Katingal Gede Huluna, Nonjolkeun Rasa Kaegoeisan Maranehna. Nepi Kaakhirna Manusa Jeung Alam Ngukirkeun Sajarahna Sewang-sewangan. Tuh Tingali Dinu Suku Gunung, Tatangkalan Butuh Dirawat, Mun  Saukur Melak Tuluy Ditinggalkeun Tanpa Diurus Kuleungeun Urang,  Naha Naon Nu Bakal Tumiba/kajadian? Gusti Nu Maha Kawasa, Tangkal Bakal Dijadikeun Ku Anjeuna, Kukituna Urang Nu Geusan
Ngarawatna Jeung Mere Pupukna. Tah Eta Tandana Pecinta Alam Konservatif Anu Sajati.
Sasaruaana Jeung Salah Sahiji Kata Idiom, Saumpama Aranjeun Geus Ngabogaan Bojo Nu satuluyna Bojo Aranjeun Ngalahirkaun Budak,Buah Tinu Hasil Rasa Cinta, Tuluy Aranjeun Naringalkeun Anak Bojo. Naon Nu Pantes Ditempelkeun Dina Beungeut Aranjeun? Sarua Jeug Alam Ge, Sa Anggeusna Di Pelakeun Ku Aranjeun Eta Tatangkalan Tuluy Ditinggalkeun, Gelar Naon Keur Aranjeun? Hayu Urang Latihan Tanggung Jawab Keur Kuring Jeung Aranjeun Sakabeh . Sing Jadi Pecinta Alam Konservatif Anu Teu Ngan Saukur
Bisa Melak, Tapi Oge Ngarawatan.

Sakali Deui, Mun Saukur Melak Eta Gampang, Tapi Naha Gampang Ngarawatna ?

No comments: